Minggu, 25 November 2012

tatarucingan urang sunda



tatrucingan
Tanya:
Lamun di cangcang kunu bogana mah lulumpatan
Tapi mun di lepaskeun cicing..
Jawab:
Sapatu
Tanya:
Budak leutik tukang nungguan imah
Jawab:
Tulak
Tanya:
Jurig lain setan lain, barangdahar lalangsudan
Jawab:
Sugu
Tanya:
Antara bumi sareng langit aya naon ??
Jawab:
Aya sareng
Tanya:
Dahar sakali buncir saumur umur
Jawab:
Bantal
Tanya:
Digegel huluna beak buntutna
Jawab:
Roko
Tanya:
Candi naon anu jabrig ?
Jawab:
Can dicukur
Tanya:
Negara naon anu pangheulana ngaran urang jawa, nu paneurina jarang aya ?
Jawab:
Sri langka
Tanya:
Cau naon anu pang ngeunah ngeunahna di dahar?
Jawab:
Cau asak
Tanya:
Bulu naon anu nyawaan jeung jadi pamarentah?
Jawab:
Bulurah
Tanya:
Ti luhur bulu ti handap bulu di colok kaluar cai
Jawab:
Panon
Tanya:
Dibuka bajuna aya buluan, di singkabkeun buluna aya sikian
Jawab:
Jagong
Tanya:
Bumi ngait jagat nyangsang
Jawab:
Kenteng
Tanya:
Toktar tai kotok dina gantar
Hayam naon nu ngisingna ?
Jawab:
Hayam hirup
Tanya:
Dipake heuras teu dipake leuleus
Jawab:
Katepel
Tanya:
Di asupkeun heuras di kaluarkeun leuleus, bijil cai ngeungeunahna
Jawab:
Tiwu
Tanya:
Urang hirup ngadagoan naon?
Jawab:
Ngadagoan beurang jeung peunting
Tanya:
Ari atah keneh hipu, ari geus asak teuas , rupana beureum
Jawab:
Bata beureum
Tanya:
Di cekel buntutna , nu di gawe huluna
Jawab:
Mutu
Tanya:
Sare di cai cicing di cai ari rek nginum neangan cai
Jawab:
Lentah
Tanya:
Gajah depa hambur parab
Jawab:
Hawu
Tanya:
Teu mandi Saumur umur , teu ngagedean , tapi mandi sakali ngagedean
Jawab:
Kurupuk
Tanya:
Dunya pinuhna ku naon?
Jawab:
Ku poek
Tanya:
Endog naon anu buntutan
Jawab:
Endog lisa
Tanya:
Nangkarak di eusi, nangkuban kosong
Jawab:
Aseupan
Tanya:
Budak leutik mapay gunung
Jawab:
Kutu
Tanya:
Ari ragrag kahandap ari di tingali kaluhur
Jawab:
Hujan
Tanya:
Pinter mana hayam bodas jeung nu hideng
Jawab:
Pinter hayam nu hideng
Tanya:
Naon sababna lamun hayam keur meuntas di jalan tara luak lieuk heula?
Jawab:
Sabab panon na aya di gigir
Tanya:
Di ciwit, di comot tapi teu di huapkeun
Jawab:
Tanur (melak pare)
Tanya:
Ngising na hulu barang dahar na hulu
Jawab:
Kutu
Tanya:
Buntut huluan , hulu buntutan
Jawab:
Padud
Tanya:
Indungna di papangku ari anakna lulumpatan
Jawab:
Bedil
Tanya:
Indung nyembah ka anak
Jawab:
Teko jeung cangkir
Tanya:
Indit nyangigir, datang nangkarak
Jawab:
Kancing
Tanya:
Ari imah heurin na ku naon?
Jawab:
Ku poek
Tanya:
Di kukut moal akaran di piceun ngareunah kana awak
Jawab:
hitut
Tanya:
aki aki ragrag sila
Jawab:
tai munding
Tanya:
anu di akod maju ari anu ngakodna cicing
Jawab:
pancuran
Tanya:
anak nakolan indung
Jawab:
panakol bedug
Tanya:
naon sababna manuk kuntul sukuna jengke sabeulah?
Jawab:
Da lamun duanana jengke mah labuh
Tanya:
Sirah botak loba kutu
Jawab:
Onde
Tanya:
Kulit naon nu bisa ngajadikeun sa alam dunya poek?
Jawab:
Kulit panon
Tanya:
Tangkal kai , buah beusi
Jawab:
Pacul

3 komentar: